Jumat, 08 Desember 2017


                                      TERONG JADI 3 

Balik Jumaahan Si Kardun di tanya Ku
Bapana ngenaan Eusi Khutbah Jumah.. 
Bapana : Jang,tadi waktu Jumaahan Khutbahna
di kupingkeun teu? 
Kardun : Nya di kupingkeun atuh Pa. 
Bapana : Alus,ayeuna Ujang di Tes Ku Bapa
jadi Budak teh kudu Bakti Ka Saha? 
Kardun : Ka Ema Pa!! 
Bapana : Terus Ka Saha deui Jang? 
Kardun : Ka Ema deui Pa..!! 
Bapana : Bener Jang,terus Ka Saha deui? 
Kardun : Masih Ka Ema deui Bapaaa..!! 
Bapana : Tos Ema terus Ka Saha Jang? 
Kardun : Teras nembe Ka Bapa.. 
Bapana : Pinter Anak Bapa,Emana aya sabara
Kali Jang? 
Kardun : Tilu kali Bapa.. 
Bapana : Ari Bapana Sabaraha Hiji Jang? 
Kardun : Hiji Pa.. 
Bapana : Ayeuna Ema Ujang Sabara Hiji? 
Kardun : Hiji Pa. 
Bapana : Berarti kurang Sabara Hiji Jang? 
Kardun : Dua Pa.. 
Hebat Anak Bapa,engke bejakeun ka Si Ema nya!! 
Kardun terus ka dapur nyamperkeun Indungna nu keur masak 
Kardun : Ma tadi saur Bapa,saurna Abdi kedahna gaduh Ema tilu,
Ayeuna nembe Hiji,janten kirang keneh Dua deui. 
Indungna : Ari Ujang terang ieu naon (bari nembongkeun terong) 
Kardun : Terong... Ma. 
Indungna : Aya Sabara Hiji Terongna? 
Kardun : Hiji... Ma
Indungna : Ujang apal carana ieu Terong nu ngan Hiji bisa di emam
ku Tilu Urang? 
Kardun : Nya kedah dipotong potong atuh janten Tilu Ma.. 
Indungna : Pinter,ayeuna wartoskeun Ka Bapa,daek teu Terongna Dipotong jadi Tilu? 
#DONGSUN NGACAPRUK
                         Janda pinter.. 
Dina hiji leweung aya hiji imah anu ka cida alusna.. Di eusian Ku salaki pamajikan. Jauh kasasaha ngan kaayaan Na eta eta jelema benghar..Gancang Na carita eta nu jadi salakina gering ripuh.. Trus weh salakina maot.. Si istri bingung eta mayit kudu di kamanakeun.. Dina ka ayaan jauh ka sasaha.. Eta mayit th ku eta istri di gulung Ken Ku pakean .. Eta mayit di buntel Ku pakean trust di talian di tenden di kamar ..niat Na meh aya nu maok da pakeanna nu kacida Mahal.. 
       Isuk isuk eta si istri teu ngarasa ringrang . Trus manehna moe moeken pakean nu harade .. Bari make perhiasan sagala di pake niat Na meh aya bangsat Ke peting.. Pirasatna bener aya 2 lalaki nanya ka eta istri.. 
Lalaki: Neng ari caroge ka mana.. 
Istri :te aya kaluar negri mung abdi nyalira di bumi.. 
Cek eta lalaki.. "kabeneran aing Ke peting arek di cokot hartana eta emas Mni sakitu pinuhna Ku aing ke mah rek di paok jeng pakean2Na" dina jero hatena nga gerentes.. 
Teu kungsi Lila Eta 2 lalaki pamitan.. 
Teungah peting Ku eta istri di antos2 eta bangsat Pasti bakal aya manehna ges boga pirasat Pasti bakal aya bangsatt..
Ari pek bener t kungsi lila datang 2 lalaki make trgos.. Trus maok buntelan anu di kamar..eta istri trus tulung2 ngan eta bangsat mawa buntelan Bari lumpat satarik2 Na.. Eta istri Na hatena seserian .. Da nu di buntel th mayit lain harta benda.. Jauh beki jauh eta bangsat lumpat eta suku mayit ngawir cek nu saurang lalaki.. 
Kehed jelema.. Eta lalaki nu hiji lumpat Na bki tarik marukanna warga ngaberik.. Cek hiji dai kehed eta jelema.. Jauh beki jauh eta mayit nolol sirah Na.. Nu mangul rewas .. Langsung di gubragken eta buntelan.. Cek nu mangul "goblog gening aing th ngagugubuk jelema.. 
Cek nu hiji dei.. Cek aing ge jelema2.. Sia lumpat wae.. 
Eta lalaki amek bari mugegel..
                Si GEULIS REK LUNCAT KA WALUNGAN
Aya hiji Preman pikasieuneun, buukna dikucir turun tina motorna anu knalpotna ngaborobot, nalika ninggali Si Geulis Sexy Menor keur ancang² rek ngajleng ka walungan nu keur caah kacida, sakolepat Si Preman ngagabrug Si Geulis diturunkeun tina tanggul walungan.
Preman :"Kunaon Neng Geuliiiss.., make rek nekad ngajleng ka walungan sagala, nanaonan ?"
Si Geulis : "Abi rek maehan maneh.., percuma hirup oge ari kieu wae mah",
Preman (Dasar Preman kurang ajar tur cunihin) : "atuh mun kitu mah Aa menta ciuman anu hot, itung² kenang²an ti Neng ka Aa...",
Teu di engkekeun deui, Si Geulis Sexy Menor eta nyium ngagalentoran pinuh gairah tur hot, bener² hot.., nepika Si Preman ngolesed nyarande kana tanggul bakating ku puas.
Preman :
"Duuhh... ciumanna meni hot pisan, Aa bener² puas nepi ka puncak, Neng..!! Kunaon atuh make rek maehan sorangan sagala rupa?",
Si Geulis :
"Sedih pisan atuda...., boga kolot duanana teu ngarti, kana parasaan abdi, kolot duanana ngalarang abi make wedak, make lipstik, make BH, teu meunang ngageulis, padahal abi senang dangdan ngageulis, sanajan abdi teh lalaki....."
Preman :
"Cuiiiih.. Cuiiiih... setan !!! bencong sia teh...., wuiiihh... bencong kaleng, bangsaaatttt, buru luncat siah ka ditu ka walungan.....!!".
😀😀😀....
(wilujeng Sore 😅😆)