Jumat, 08 Desember 2017

                Si GEULIS REK LUNCAT KA WALUNGAN
Aya hiji Preman pikasieuneun, buukna dikucir turun tina motorna anu knalpotna ngaborobot, nalika ninggali Si Geulis Sexy Menor keur ancang² rek ngajleng ka walungan nu keur caah kacida, sakolepat Si Preman ngagabrug Si Geulis diturunkeun tina tanggul walungan.
Preman :"Kunaon Neng Geuliiiss.., make rek nekad ngajleng ka walungan sagala, nanaonan ?"
Si Geulis : "Abi rek maehan maneh.., percuma hirup oge ari kieu wae mah",
Preman (Dasar Preman kurang ajar tur cunihin) : "atuh mun kitu mah Aa menta ciuman anu hot, itung² kenang²an ti Neng ka Aa...",
Teu di engkekeun deui, Si Geulis Sexy Menor eta nyium ngagalentoran pinuh gairah tur hot, bener² hot.., nepika Si Preman ngolesed nyarande kana tanggul bakating ku puas.
Preman :
"Duuhh... ciumanna meni hot pisan, Aa bener² puas nepi ka puncak, Neng..!! Kunaon atuh make rek maehan sorangan sagala rupa?",
Si Geulis :
"Sedih pisan atuda...., boga kolot duanana teu ngarti, kana parasaan abdi, kolot duanana ngalarang abi make wedak, make lipstik, make BH, teu meunang ngageulis, padahal abi senang dangdan ngageulis, sanajan abdi teh lalaki....."
Preman :
"Cuiiiih.. Cuiiiih... setan !!! bencong sia teh...., wuiiihh... bencong kaleng, bangsaaatttt, buru luncat siah ka ditu ka walungan.....!!".
😀😀😀....
(wilujeng Sore 😅😆)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar