TERONG JADI 3
Balik Jumaahan Si Kardun di tanya KuBapana ngenaan Eusi Khutbah Jumah..
Bapana : Jang,tadi waktu Jumaahan Khutbahna
di kupingkeun teu?
Kardun : Nya di kupingkeun atuh Pa.
Bapana : Alus,ayeuna Ujang di Tes Ku Bapa
jadi Budak teh kudu Bakti Ka Saha?
Kardun : Ka Ema Pa!!
Bapana : Terus Ka Saha deui Jang?
Kardun : Ka Ema deui Pa..!!
Bapana : Bener Jang,terus Ka Saha deui?
Kardun : Masih Ka Ema deui Bapaaa..!!
Bapana : Tos Ema terus Ka Saha Jang?
Kardun : Teras nembe Ka Bapa..
Bapana : Pinter Anak Bapa,Emana aya sabara
Kali Jang?
Kardun : Tilu kali Bapa..
Bapana : Ari Bapana Sabaraha Hiji Jang?
Kardun : Hiji Pa..
Bapana : Ayeuna Ema Ujang Sabara Hiji?
Kardun : Hiji Pa.
Bapana : Berarti kurang Sabara Hiji Jang?
Kardun : Dua Pa..
Hebat Anak Bapa,engke bejakeun ka Si Ema nya!!
Kardun terus ka dapur nyamperkeun Indungna nu keur masak
Kardun : Ma tadi saur Bapa,saurna Abdi kedahna gaduh Ema tilu,
Ayeuna nembe Hiji,janten kirang keneh Dua deui.
Indungna : Ari Ujang terang ieu naon (bari nembongkeun terong)
Kardun : Terong... Ma.
Indungna : Aya Sabara Hiji Terongna?
Kardun : Hiji... Ma
Indungna : Ujang apal carana ieu Terong nu ngan Hiji bisa di emam
ku Tilu Urang?
Kardun : Nya kedah dipotong potong atuh janten Tilu Ma..
Indungna : Pinter,ayeuna wartoskeun Ka Bapa,daek teu Terongna Dipotong jadi Tilu?
#DONGSUN NGACAPRUK